Lutung Kasarung |
Jaman baheula aya aya hiji karajaan, katelahna Karajaan Pasirbatang. Rajana nyaéta Prabu Tapa Ageung. Ari prameswarina nyaéta Niti Suwari. Prabu Tapa Ageung kagungan tujuh putra, kabehanan awéwé, nyaéta Purbararang, Purbaendah, Purbakancana, Purbamanik, Purbaleuwih, jeung Purbasari.
Prabu Tapa Ageung téh parantos sepuh pisan. Anjeunna seja ngecagkeun kalungguhanana sarta rék tatapa di gunung. Ari anu ngaganti Prabu Tapa Ageung nyaéta putri bungsu jenenganana Purbasari. Atuh Purbararang jeung anu séjénna kacida ambekeunana ka Purbasari.
Basa Prabu Tapa Ageung indit tatapa, Purbasari dipiceun ku Purbararang ka Gunung Cupu. Purbasari bati sedih; hirup nyaung-nyaung di tengah leuweung.
Kacaturkeun di kahiangan, putra Sunan Ambu anu jenenganana Guruminda ngimpi tepung jeung putri geulis. Kageulisan putri anu kaimpi téh meh sarupa jeung kageulisan Sunan Ambu. Guruminda bebeja ka Sunan Ambu rék néangan putri geulis téa ka dunya. Sunan Ambu ngidinan, tapi Guruminda kudu maké baju lutung heula. Jleg bae Guruminda ngajirim Lutung, katelahna Lutung Kasarung. Tuluy, Guruminda lumampah nepi ka Karajaan Pasirbatang.
Dina hiji poé, aki panyumpit dititah ngala lutung ku Purbararang. kabeuneuran meunang, lutungna gedé pisan. Lutung téh dibawa ka karaton. Hanjakal, lutung téh linghas jeung ngaruksak barang-barang di karaton téa. Atuh gancang Purbararang nitah aki panyumpit sangkan miceun lutung ka leuweung deui. Malah éta lutung téh kudu dibikeun ka Purbasari.
Purbasari mani mana atoheun dibéré lutung téh. Atuh da lutungna hideung jeung bisa nyieun karaton sagala. Jleg baé hiji karaton agreng anu dieusian ku Purbasari jeung lutung. Kaéndahan karaton bogana Purbasari kabéjakeun ka Purbararang. Purbararang ambekeun pisan. Manéhna boga niat rék ngarebut éta karaton.
Hiji mangsa Purbararang ngajak ngadu pangabisa ka Purbasari. Sing saha éléh jajatén, kudu masrahkeun karatonna. Purbasari mani sedih sabab kudu ngadu pangabisa jeung Purbararang. Purbasari téh apaleun yén Purbararang mah jalma licik.
Purbararang ngajak ngadu ninun, paalus-alus ngahuma, jeung paalus-alus waktu. Ku sabab Purbasari mah geulis tur dibantuan ku lutung, atuh unggal ngadu pangabisa téh meunang bae. Purbararang kacida ambekna lantaran terus-terusan éléh. Antukna, Purbararang ngajak pakasép-kasép kabogoh ka Purbasari. Atuh Purbasari kacida sediheunana. Atuh da boro-boro kabogoh, apan anu aya ogé ngan saukur lutung. Ari kabogoh Purbararang mah tangtu baé kasép, da jalma, ngaranna Indrajaya.
Purbararang suka bungah, terus maksa Purbasari sangkan masrahkeun karatonna. Malah Purbasari kudu ditelasan sagala. Barang Purbasari rék dipaéhan, jleg téh lutung salin jinis jadi Guruminda nulungan Purbasari. Kajadian kitu téh katenjoeun ku Indrajaya. Sebrut Indrajaya narajang Guruminda. Atu der baé gelut ragot pisan. Guruminda meunang gelutna.
Saterusna Purbasari jadi raja deui di Karajaan Pasirbatang. Guruminda ogé nganjrek di dinya, da geus jadi salaki Purbasari. Ari Purbararang, milu cicing di karaton. Jadi kacung Purbasari.
sumber: Ki Umbara, 1983, Torotot Heong, Bandung: Rachmat Cijulang
Nah... untuk temen-temen apabila mempunyai cerita pendek berbahasa sunda, admin menerima dengan senang hati dan bisa dikirim ke denyoktoriyana@yahoo.com.
terima kasih... hatur nuhun pisan...
sok tah balarea... cing lenyepan naon pangajaran nu bisa ku urang di cokot tina eta dongeng lutung kasarung...
ReplyDeletesatuju kang......
Delete