Sasakala Rawa Rati

Rawa Rati
Penulisan asal muasal nama tempat pada kesempatan ini bertujuan untuk mendukung Kecamatan Campakamulya dalam Pariwisata, juga untuk mendukung entri rupa bumi kecamatan di Kabupaten Cianjur. Untuk itu kepada semua Masyarakat Campakamulya yang mempunyai cerita atau lalakon asal muasal nama tempat dan berkeinginan untuk diterbitkan dapat menghubungi Sub Bagian Humas Kecamatan Campakamulya atau melalui email: kec.cpkm@gmail.com.

Untuk penulisan pertama dari cerita atau legenda nama tempat adalah Sasakala Rawa Rati. Ucapan terima kasih disampaikan kepada Kepala SDN Warungkadu, Bapak Otang Tardin, S.Pd. yang telah mengizinkan  admin untuk menuliskan kembali Sasakala Rawa Rati yang sebagian besar bersumber dari Naskah Dongeng Tim Porseni SDN Warungkadu pada Porseni 2010 tingkat Kecamatan Campakamulya,  juga kepada semua pihak yang secara lisan telah menambahkan beberapa alur cerita dari Sasakala Rawa Rati ini.

Rawa Rati merupakan sebuah telaga/danau rawa yang berada di Desa Campakamulya berada pada posisi -7.064858 dan 107,16838 mempunyai luas 300 m2 dan sampai saat ini air dari rawa ini tidak pernah kering. Berikut sasakala dari rawa rati dalam Basa Sunda:

Kacaritakeun aya hiji budak awewe anu ngarana Rati, dina hiji poe Si Rati dititah indungna nyeuseuh ka walungan, tapi barang nepi ka walungan anu biasa si Rati nyeuseuh, caina saat kacida teu aya sakeclak-keclak acan. Si rati bingung teu manggih tungtung, bingung anu kabina-bina, rek kumaha manehna nyeuseuh, Rati moal bisa balik ka imahna lamun bajuna can diseuseuh, masih kotor keneh indungna pasti bakal nyarekan kawas nu tiheula.

Sajeroning mikir Si Rati bari mapay-mapay jalan satapak. Teu karasa manehna lempang geus jauh pisan. Rati kakarek sadar yen manehna geus nepika ka leuweung. Sajeroning leumpang Rati Manggihan hiji rawa anu caina herang kacida.

Langsung bae teu mikir panjang Si Rati muru eta rawa, teu antaparah, gusrek, gusrek Rati nyeuseuan baju anu kalalotor. Sajeroning nyeuseuh, Rati ingeut papatah indungna lamun nyeuseuh hayang beresih, baju nu diseuseuhna kudu disikat. Sebrut, sebrut Si Rati nyikatna tarik pisan. Bakating ku sumangetna, teu karasa sikatna ngacleng ka tengah rawa. Rati reuwas teu aya hinggana ningali sikatna tikeureuleup di tengah rawa. Atuh teu antaparah ngan gajleng we Si Rati ngarontok sikat anu di tengah rawa tea.

Namung pas geus ditengah rawa bari teuleum Rati bingung kumaha balik deui ka sisi. Leungeuna cupu-capa jeung rumpad rampid kana akar-akar jeung jukut-jukut anu nyampai ka tengah rawa. Ku sabab teu bisa ngojay, bari euweuh batur dan ditengah leuweung, rek gogorowokan oge moal aya nu ngadenge. Nya Si Rati teu tembong deui ka luhureun cai rawa. 

Di imah Si Rati, indungna Si Rati ngarasa hariwang, sabab geus sore kieu, layung anu koneng geus rek euweuh, Si Rati can mulang keneh. Tuluy indungna Si Rati neang ka walungan paranti nyeuseuh Si Rati anu biasana, tapi rati teu kapanggih, tuluy Indungna Si Rati mapay-mapay jalan satapak neangan anakna siga aya anu mawa. nepika cunduk ka rawa anu aya di tengah leuweung, indungna Si Rati ningali baju anu ngalumbuk di sisi rawa, sarta sikat ngambang di tengah-tengah rawa, jerit indukna ngajerit bari ngageuro ngaran anakna, "RAATIIII...."

Geus puluhan kali indungna Si Rati ngageuroan anakna euweuh wae, Rati titeuleum, ilang palastra. Waktu geus nepika harieum beungeut, sakeudeng deui poek,  bari mawa hate nu raheut ku kasedih, teu sadar Indungna si Rati balik bari geugeroan "Ratiii..... Ratiiiii...".

Di sisi lembur, jelema geus rea rek neangan Si rati jeung Indungna, ngan kebeneran pasanggrok di tengah-tengah jeung Indungna Si Rati anu terus gegero ka anakna. Tuluy indungna Si Rati ditanya ku kokolot, "kamana si Rati"? 

Bari dumareda jeung sadar teu sadar Indungna Si Rati ngan ukur bisa ngajawab: " Ratiiii.... di Rawa...... Ratiiiii di Rawa......Ratiii...." tuluy kapiuhan.

Tah isaprak harita eta rawa di sebut rawa rati.

Rawa rati kawilang lega, sabab caina tara pernah saat. beuki lila disisieun eta rawa beuki loba jelema anu nyieun imah. Nepika ngadeg hiji pasantren anu kawilang nyongcolangna.

Aya hiji kabingung ti satiap warga anu nyicingan di sisieun eta rawa, rawa anu sakitu legana ngahalangan jalan keur ka kebon anu pentas paragi ngebon rahayat.

Nya dina hiji mangsa pimpinan pondok eta anu katelah Mama Hegar ngupayakeun supaya aya jalan keur ka pentas. Dina waktos saweungi, enjingna Rawa Rati ngabeulah jadi dua, di tengah aya galeungan anu misahkeun cai. Nu sabelah masih keneh jadi rawa, anu sabelah tos jadi darat.

Sumber:
  1. Naskah Dongeng Sasakala Rawa rati, Tim Porseni SDN Warungkadu Kecamatan Campakamulya, 2010
  2. Mama Hegar (alm), Pimpinan Pontren Hegar
  3. Suhendi, Kokolot Kampung Hegar, 2014
  4. Ki Ading, Kokolot Kampung Hegar, 2014
  5. Kang Yudi, Kokolot Pamuda Rawabuluh, 2014
  6. berbagai sumber

CAMAT CAMPAKAMULYA