Home » » Peucang jeung Buhaya

Peucang jeung Buhaya

Peucang jeung Buhaya
Sakadang Buhaya keur moyan di sisi walungan. Jol sakadang Peucang.
“Rék naon Sakdang Peucang ka dieu? Rék maling cai, nya? Di leuweung euweuh cai. Da halodo banget.”
Jawab Peucang, “Kuring mah tara nginum deui cai walungan. Komo ayeuna keur saat. Nya teu ngeunah nya kiruh. Ayeuna mah nginum téh cai kalapa. Nya beresih nya ngeunah. Amis.”
“Rék naon atuh kadieu?” cék Buhaya.
Omong Peucang, “Tadina mah rék ngalalajoan kulit sampéan. Resep ting gareret, hérang. Komo mun katojo ku panonpoé. Euweuh baé nu kulitna alus saperti kulit sampéan. Ngan geuning bet kotor. Pinuh ku leutak.”
Omong Buhaya, “Walungan saat. Kuring teu bisa teuteuleuman pikeun meresihan tonggong.”
“Emh, lebar. Kulit saalus-alus jadi kotor. Kumaha mun diberesihan ku kuring” ceuk Peucang.
“Nya sukur baé ari daek mah,” jawab Buhaya, “kumaha caranya?”, ceuk Buhaya keneh
“Kulit tonggong sampéan dikumbah ku kuring. Tapi caina kudu anu beresih. Tuh di tengah!, ceuk Peucang
“Pek atuh. Geura luncat kana tonggong kaula.” Ceuk Buhaya
Jleng Peucang luncat kana tonggong Buhaya. 
Buhaya ngojay ka tengah walungan.
Clom Sakadang Peucang nganclomkeun sukuna kana cai. Tonggong Buhaya dicakaran ku Peucang. Selang-selamg tina cacakar Sakadang Peucang téh regot-regot nginum.
Sanggeus rada lila nyakaranana, jeung geus seubeuheun nginumna, Peucang ngomong,”Tah, geus beresih ayeun mah. Yu ka sisi deui. Isukan kuring ka dieu deui. Kudu unggal poé diberesihanana kulit sampéan téh. Ulah sina kotor. Lebar ku alusna.”
“Heug ari daék mah. Isuk ka dieu deui. Ditungguan di dieu,”ceuk Buhaya téh.
Sanggeus nepi ka sisi, gajleng Peucang luncat ka darat. Bari ngomong dina haténa. “Nuhun Sakadang Buhaya. Sampéan bodo. Mun teu bodo mah. Kuring moal seubeuh nginum. Daék-daék paék paéeh ku halabhab.”

Sumber: Sanusi, A., 1994, Nani Resep Maca 3, Bandung: Yayasan Siger Tengah

Bagikan :

9 komentar:

  1. saya sedang berkomentar bahwa standarisasi kebudayaan dan pariwisata terdomilisi di organisasi pencinta alam musyawarah yang mufakat. Dengan komentar yang berkuadrat tinggi dan berlegalisasi politisi secara hukum, saya ucapkan terima kasih.

    ReplyDelete
  2. Pr anak saya pesan dari cerita di atas apa ya?

    ReplyDelete
    Replies
    1. kalau menurut saya pesan dari cerita tersebut yaitu bahwa sebodoh-bodohnya orang yang berilmu tidak akan bisa terlalu tertipu. Jadi kita harus terus menuntut ilmu

      Delete
  3. AS. IJIN COPY CERITA DAN GAMBARNYA YA, TERIMAKASIH.

    ReplyDelete

Mohon Untuk Tidak Memberikan SPAM
Marilah kita jalin Blogger yang bijak dan santun

CAMAT CAMPAKAMULYA