Home » » Nini Anteh

Nini Anteh

nini anteh
Admin berusaha memberikan cerita-cerita ber Basa Sunda. Untuk sementara waktu cerita-cerita tersebut disunting dari buku-buku cerita Basa Sunda yang sudah tidak beredar lagi. Untuk selanjutnya, admin memohon: demi untuk melestarikan budaya lokal kita, admin menerima cerita-cerita dalam Basa Sunda dan dapat dikirim ke email: wayuhibunahu@gmail.com.

Nini Sunti boga ucing. Bageur, tara pulang-paling. Di lembur Nini Sunti loba budak bangor. Sok ngabaralédogan ucing Nini Sunti. Ucing keur cicing atawa keur moyan, sok geplak baé diteunggeul. Sok nepi ka getihan. Sakapeung sok nepika pincang. Ku Nini Sunti sok digeungeureuhkeun. Tapi barudak téh kalahka ngaléléwé.
Nini Sunti hayangeun pindah ka bulan da di bumi mah loba nu jahat. Tuluy nunuhun ka Nu Kawasa. Nini Sunti ngimpi. Dina impianana Nini Sunti melak kacang panjang tilu siki. Kcang téh morontod jadina. Ngareuy nepi ka bulan.

Isukna Nini Sunti nyokot siki kacang tilu siki ti dapur tuluy dipelak. Kacang morontod, saperti dina impian. Ngareuy nepika bulan mangrupa tarajé. Térékél Nini Sunti naék. Ucingna dikélék, “Urang pindah ka bulan. Di dunya mah loba nu jahat,” omong Nini Sunti ka ucingna.

Di bulan Nini Sunti melak kapas. Unggal poé nyieun kantéh. Katelah baé Nini Antéh. Ari geus loba kantéhna Nini Sunti sok ninun. Ucingna sok depa digigireunana.

Sumber: Sanusi, A., 1994, Nani Resep Maca 3, Bandung: Yayasan Siger Tengah, hal 87-88

Bagikan :

3 komentar:

  1. Beda-beda versi ning "Nini Anteh" teh...

    Ngiring diajar ieu mah Kang
    http://www.mygurukufile.ml/2016/03/media-pangajaran-aksara-sunda.html

    ReplyDelete
  2. Nami nage dongeng, Ngabobodo budak cengeng....leres.teu? Heje

    ReplyDelete

Mohon Untuk Tidak Memberikan SPAM
Marilah kita jalin Blogger yang bijak dan santun

CAMAT CAMPAKAMULYA